Perayaan Awal Taun 1 Suklapaksa Kartika 1963 Caka Sunda Digelar di Bandung, Momentum Nyaluyukeun Kasadaran Jeung Harmoni Hirup Sunda

banner 120x600

Lensanusantarabandung.web.id-Bandung — Perayaan Awal Taun 1 Suklapaksa Kartika 1963 Caka Sunda digelar kalayan khidmat sareng pinuh ku suasana kabudayaan Sunda di Kota Bandung. Kegiatan ieu janten momentum penting pikeun ngariksa, ngamumulé, sareng ngahirupkeun deui nilai-nilai budaya Sunda di tengah robahna jaman anu beuki dinamis.

Acara ieu diselenggarakeun ku Yayasan BESTDAYA salaku lembaga atawa Badan Otoritas pengelola Sistem Penanggalan Tradisional Kalender Sunda. Dina ieu kasempetan, para peserta diajak pikeun langkung nyaluyukeun kasadaran kana waktu, alam, sareng harmoni hirup nurutkeun falsafah Sunda.

Tema anu diangkat dina ieu acara nyaeta “Sejarah Beri Makna”, minangka pangeling yén parobahan jaman kedah disanghareupan kalayan hikmah bari tetep ngajaga akar budaya sareng ajén-inajén karuhun Sunda.
Salah sahiji narasumber utama sekaligus penanggung jawab acara nyaéta Miranda H. Wihardja anu biasa dipanggil Teh Mira. Dina pemaparanna, anjeunna ngajelaskeun pentingna Sistem Penanggalan Tradisional Kalender Sunda minangka warisan élmu pangaweruh lokal anu miboga filosofi jero ngeunaan siklus kahirupan, waktu, sareng kasaimbangan alam.

Acara ogé dihadiran ku Enjang Dimyati atanapi anu langkung dikenal minangka Abah Enjoem. Anjeunna mawa semangat pelestarian seni tradisional Sunda ngaliwatan seni Reak Tibelat sareng nilai-nilai budaya karuhun anu terus dijaga nepi ka ayeuna.

Samentara éta, Andar Manik ogé nyampaikan pandangan ngeunaan pentingna kolaborasi antara seni, budaya, sareng ruang kreatif pikeun ngajaga identitas budaya Sunda di tengah perkembangan era modern.
Rangkaian acara dieusi ku diskusi budaya, refleksi spiritual, pertunjukan seni tradisional, sareng silaturahmi lintas komunitas budaya. Para peserta anu hadir ngarasakeun suasana anu haneut, pinuh ku ajén kabersamaan, sarta sumanget ngamumulé budaya Sunda pikeun generasi nu bakal datang.

Ku ayana perayaan ieu, diharepkeun masyarakat Sunda hususna generasi muda tiasa langkung wanoh kana Sistem Penanggalan Tradisional Kalender Sunda sarta ngajadikeun budaya minangka bagian tina kahirupan sapopoe, sanés saukur warisan sajarah, tapi ogé sumber hikmah pikeun nyanghareupan masa depan.

 

Red hj neulis

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *