Perayaan Awal Taun 1 Suklapaksa Kartika 1963 Çaka Sunda Digelar di Bandung Momen Nyaluyukeun Kasadaran jeung Harmoni Hirup Sunda di Tengah Robahna Jaman

banner 120x600

Lensanusantarabandung.web.id-KOTA BANDUNG — Sumanget miara warisan pangaweruh Nusantara jeung ngukuhkeun deui kasadaran budaya Sunda di tengah robahna jaman bakal diwujudkeun dina acara Perayaan Awal Taun 1 Suklapaksa Kartika 1963 Çaka Sunda anu baris dilaksanakeun dina Senén, 25 Méi 2026 di Batavia Cafe Savoy Homann Hotel, Jalan Asia-Afrika No.112 Kota Bandung.
Acara ieu ngangkat téma gedé “Sejarah Beri Makna”, minangka rohangan musyawarah budaya jeung refleksi kasadaran pikeun maca arah parobahan jaman dina sudut pandang kosmologi Sunda.

Perayaan ieu nandaan asupna Taun Hurang Tembey jeung Windu Kuntara, anu dimaknaan minangka lalampahan kasadaran pikeun ngahontal harmoni anyar dina kahirupan manusa, masarakat, alam, jeung jagat raya.
Sacara filosofis, Hurang Tembey ngagambarkeun:
rasa kepekaan,
silih patali antar sasama,
kabersamaan,
jeung kasadaran sosial dina kahirupan bermasyarakat.
Sedengkeun Windu Kuntara miboga harti:
keteguhan dina prinsip hirup,
lega dina paningal,
sarta kasaimbangan dina nyanghareupan robahna jaman.
Dina kosmologi Sunda, panetepan awal taun lain saukur robahna hitungan waktu, tapi mangrupa momen pikeun ngukuhkeun arah kasadaran hirup manusa.

“Jaman robah, lalakon ganti ku tata anyar, luyu kana waktu, manjing kana wanci.”
Ungkara éta ngandung harti yén kahirupan bakal terus robah nuturkeun jalanna waktu. Sanajan kitu, manusa Sunda diajarkeun supaya tetep bisa maca waktu, ngajaga harmoni, jeung nyaluyukeun diri kana tatanan anyar kalayan wijaksana.

Acara bakal lumangsung ti tabuh 16.00 WIB nepi ka 22.00 WIB, anu bareng jeung:
Soma Wage, 1 Suklapaksa Kartika 1963 Çaka Sunda,
Soma Wage, 4 Kanem 1948 Saka Sunda,
Wuku Marakeh,
8 Zulhijah 1447 Hijriah,
sarta 8 Pahing Besar 1959 Asapon/Jawa.
Runtuyan acara anu bakal dilaksanakeun di antarana:

Ritual Panetepan Awal Taun Çaka Sunda,
Sawala Budaya jeung Kosmologi Sunda,
Orasi Ilmiah jeung Refleksi Kasadaran,
Simbol Paraketan jeung Tumpeng Pajajaran,
Hening Babarengan Nyanghareupan Tata Waktu Anyar,
Doa Harmoni jeung Peneguhan Kasadaran Kolektif,
nepi ka pintonan seni tradisional Tarawangsa.
Salah sahiji narasumber budaya, Teh Mira, nétélakeun yén acara ieu lain ngan saukur seremoni budaya, tapi ogé rohangan pikeun ngawangun kasadaran spiritual jeung sosial masarakat Sunda.

“Budaya Sunda ngajarkeun manusa supaya salawasna ngahiji jeung waktu, alam, jeung sasama. Pergantian taun ieu janten momen penting pikeun maca deui arah kahirupan kalayan kasadaran,” saur anjeunna.
Sedengkeun budayawan Sunda Bah Enjum nyebutkeun yén ajén-ajén kosmologi Sunda kudu terus dirumat minangka warisan karuhun anu pinuh ku hikmah kahirupan.
“Karuhun Sunda parantos ngawulangkeun kumaha cara hirup nu harmonis jeung alam semesta. Ieu lain saukur budaya, tapi jalan kasadaran hirup,” pokna.
Hal nu sarua ditepikeun ku Kang Anyar Manik, yén generasi ngora perlu leuwih wanoh kana sajarah jeung pananggalan Sunda supaya henteu pegat tina akar budayana sorangan.
“Sajarah lain ngan ukur carita mangsa kaliwat, tapi eunteung pikeun maca mangsa hareup. Ngaliwatan ieu momentum, masarakat diajak pikeun leuwih ngarti kana jati diri jeung kasadaran budaya Sunda,” saurna.
Panitia Pabaru Sunda 1963 Çaka Sunda ngaharepkeun ieu acara bisa jadi rohangan ngahijina budaya, refleksi spiritual, sarta nguatkeun kasadaran kolektif masarakat dina nyanghareupan robahna jaman.

Sabab sajatina, manusa lain ngan hirup dina waktu, tapi ogé dibentuk ku cara manéhna ngarti jeung méré makna kana lalampahan waktuna sorangan.
Sampurasun.

 

Red neulis

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *